EcoBALL

Tampilkan postingan dengan label Kasundaan. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label Kasundaan. Tampilkan semua postingan

13/07/12

Kamus Mini Sunda - Indonesia



Buat sobat duraring yang ingin memahami bahasa sunda, berikut saya postingkan Kamus Mini Sunda-Indonesia dalam format .pdf. Dokumen kamus mini ini merupakan kepunyaan www.belajar-bahasasunda.blogspot.com yang di simpan di scribd, lalu saya embed juga di blog ini.
- Agar tulisan lebih jelas terbaca, klik zoom in (tanda +) yang ada di bawah.
- Untuk melihat halaman selanjutnya, klik tanda panah (next slide)

Semoga berguna.. mangga dicobian.. :)
Kamus Mini Sunda - Indonesia
Kamus Mini Sunda - IndonesiaSocialTwist Tell-a-Friend

12/07/12

Huruf "F", "X", dan "Z" Akan Masuk Kamus Utama Basa Sunda



Huruf latin "F", "X", dan "Z" yang selama ini tidak diadopsi ke dalam bahasa Sunda, dipastikan akan masuk menjadi bagian huruf yang digunakan dalam Kamus Utama Bahasa Sunda. Hal itu selain untuk memperkaya khazanah bahasa Sunda juga untuk menjawab tantangan dan perkembangan zaman. Bahasa Sunda tidak terlepas dari berbagai perkembangan zaman sedang terjadi.
Demikian Surachman R.M. saat menjadi pembicara pada Sawala "Widang HUkum dina Kamus Sunda Mutahir", di Ruang Diskusi Redaksi HU Pikiran Rakyat Bandung, Rabu (11/7/12). Surachman R.M. adalah salah satu kontributor penerbitan Kamus Utama Bahasa Sunda yang sedang disusun Pusat Studi Sunda bekerjasama dengan Kiblat Buku Utama dan Unpad.
Huruf "F", "X", dan "Z" Akan Masuk Kamus Utama Basa SundaSocialTwist Tell-a-Friend

21/06/12

PEUPEUJEUH


Peupeujeuh Sunda
Anaking..Benerkeun hidep tina wanci ka wanci, jaga hate hidep tina mangpirang-pirang nu teu munasabah, jeung terus titenan sakabeh kajadian, rehing pangalaman mangrupakeun guru utama nu baris ngajadikeun hideup hiji jalmi nu kiat. Tancebkeun kasobaran dina jeroning ati hidep sabab eta mangrupakeun kakuatan nu teu bisa diitung ku harga, cukcruk tuluy ngarah kaasah pangaweruh tur nambahan pangabisa

Anaking...Kudu reueus hidep ngajadi diri sorangan! yen yaktos hidep sakabeh bakal bisa ngahontal mangsa kahareup, turta geus kawaris kasumangetan hirup. Deudeul teras kapercayaan diri hidep, estu jaga bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, jaga jeung raksa amarah hideup sabab eta bakal ngabalukarkeun kaduhung teu mangih tungtung, anggerkeun hideup depe-depe (handap asor) kapapada jalma, tur raksa kalayan riksa rengkah paripolah nu teu merenah..
PEUPEUJEUHSocialTwist Tell-a-Friend

07/06/12

Setiap Hari Rabu Warga Bandung Wajib Berbahasa Sunda


Ilustrasi aksara sunda (Foto: urangkawali.blogspot.com)
                    Sobat Duraring, dalam waktu dekat, masyarakat Kota Bandung akan mempunyai peraturan yang cukup unik. Betapa tidak, rencananya setiap hari Rabu masyarakat harus menggunakan bahasa Sunda.

Wali Kota Bandung Dada Rosada menuturkan, ini dilakukan sebagai salah satu cara memelihara dan menunjukan identitas masyarakat sebagai masyarakat Sunda.
Setiap Hari Rabu Warga Bandung Wajib Berbahasa SundaSocialTwist Tell-a-Friend

12/05/12

Paribasa Sunda


Cara badak cihea = kawas badak cihea, lamun paamprok di jalan tara patanya alias hare hare
Cara bueuk meunang mabuk = kawas bueuk meunang mabuk, ngeluk teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara cai dina daun bolang = piwuruk anu teu di turut jadi taya mangfaatna
Cara embe = tara mandi sabab sieun kucai
Cara gaang katincak =  tadina rame,ayeuna jadi jempling
Cara hurang, tai ka hulu-hulu = Bodo kacida
Cara jogjog mondok = garandeng naker,teu bisa jempe
Cara merak = resep nuang lada
Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung = bodo kacida nepika sok beunang ka tipu atawa ka bobodo batur
Paribasa SundaSocialTwist Tell-a-Friend

10/05/12

Anaking, .. jimat awaking






Anaking,… jimat awaking. Heunteu gampang nalika nyorang jalan kahirupan, jeung moal salawasna cicing dinu datar, tinangtu bakal pinanggih wanci mudun jeung tanjakan, kudu sabar hidep nalika kurang tur omat ulah nepak dada benghar, adigung adiguna, asa aing uyah kidul, agul kupayung butut!! ” Omat hidep bisi kupur, kudu eling kanu Maha-Gafur, nyembah kanu maha kawasa, turut kana papagon agama nyumponan parentahna ngajauhan larangan nana, Tah iyeu anaking pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur inggis laku lampah nincak salah.

Ayah, 10 Mei 2012, Pontianak
Anaking, .. jimat awakingSocialTwist Tell-a-Friend

30/04/12

INDUNG NU TUNGGARA


Di dieu di buana Sunda
Nu Kasebut ngaran indung
Tunggul rahayu nu seungit ngalun-ngalun
Indung nu jadi wakil hirup tinu boga hirup

Anjeun anu ngandung
Anjeun anu beunghar
Panyicingan pangancikan
Pakemitan pangbalikan

Ratu indung
Indung agung
Ngaing anak anjeun
Maranehna oge anak anjeun
Maranehna nyarebut ngaran indung
tapi maranehna teu ngaraku
Maranehna munjung ka indung
Tapi maranehna naringgalkeun
INDUNG NU TUNGGARASocialTwist Tell-a-Friend

Kempelan Paribasa (Babasan-Paribasa) Sunda

.A.
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda, ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Kempelan Paribasa (Babasan-Paribasa) SundaSocialTwist Tell-a-Friend

PANCAKAKI


PANCAKAKI (TURUNAN ATAWA SADULUR)
 
Pancakaki teh nyaeta perenahan jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu ka asup baraya keneh.
a. Rundayan atawa Turunan
- Anak : turunan kahiji
- Incu : turunan kadua, anakna anak
- Buyut : anak incu
- Bao : anakna buyut
- Janggawareng atawa canggahwareng : anakna Bao
- Kait Siwur : anakna janggawareng
- Ka handapna sekeseler
PANCAKAKISocialTwist Tell-a-Friend

ETIKA SUNDA


SILIH ASIH, SILIH ASAH, SILIH ASUH JADI CIRI MANUSA UTAMA

Babasan disebut oge kacapangan atawa motto nu kacida dipiwa­nohna ku masarakat Tatar Sunda, nya eta SILIH ASIH - SILIH ASAH - SILIH ASUH; sok disingget istilahna jadi SILAS Malah ku Universitas Pasundan mah, kungsi dijadikeun bahan seminar Internasional babarengan jeung Universitas Cartein ti Perth, Australia Kulon, dina taun 1995. Tepi ka waktu ieu, can loba nu ngabahas kalawan jembar naon bae nu kaasup SILAS atawa Silih Asih, Asah jeung Asuh teh. Upama dianggap yen SILAS teh mangrupa hiji sistim, geus tinangtu urang kudu neangan unsur naon bae nu kaasup SILAS teh. Moal henteu eta unsur-unsur teh kudu jadi pituduh anu positif pikeun tingkahlaku atawa rengkak polah manusa enggoning hirup kumbuh di lingkungan masarakatna. Kapan mungguhing manusa teh kaasup homo socius, tegesna mahluk anu hirupna kukumbuhan. Tambah eces deui yen SILAS teh alat pikeun campur gaul, nyaeta ku ayana kecap SILIH. Ieu kecap teh tuduh kana ayana pagawean anu pabales-bales (resiprokal), hartina aya dua pihak, atawa nu dianggap dua pihak boh sabage subyek boh sabage obyek. Sanggeus nitenan sawatara kamungkinan, unsur naon bae nu kudu nyampak dina unggal aspek SILAS tea, kapapay aya sawatara unsur anu raket tumalina, nyaeta:
ETIKA SUNDASocialTwist Tell-a-Friend